Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Tingkatan Muslim Jeung Mu’Min

Dari Alhabib Ahmad bin Syueb. Ceramah Bahasa Sunda dalam kajian kitab syarh Ratib Alhaddad.

“Kanyahokeun ku anjeun tolong-menolong jalmi anu mu’min, anu dipandang ku agama, anu pandangan mata nateh make agama, pandangan hatena make agama, pikiran nana make agama, anu jero anu panceug anu berpengaruh anu pageh dina elmu jeng kayakinan nana yakni orang orang anu nga-aluskeun amalna keur Allah S.W.T, di alus alus.

Urang osok solat? Dialus alus teu solat urang? Urang osok ngaji Alquran? Alus teu atawa dialus alus teu ngaji Quran urang? Urang osok sodakoh, dialus alus teu sodakohna? Dialus alus teu akhlaqna? Tah jelema anu mu’min anu jero elmuna, anu jero panceug kayakinan nana eta anu sok nga alus aluskeun amalna sebab Allah.

Salah sahiji conto, Bedana jelema islam jeng jelema kafir teh ari jelema kafir tara solat jelema islam osok solat. Urang Alhamdulillah osok solat berarti urang kakarek oge muslim. Seperti salah seorang sahabat dongkap ka Rasulullah shalallahu ‘alaihi wasallam dan berkata “Yaa Rasulullah Nahnu mu’minun” (Kami sadaya jalmi jalmi anu iman). Terus saur Rasulullah shalallahu ‘alaihi wasallam “Laa. Qul nahnu muslimun” ulah nyebut mu’minun tapi bejakeun abdi sadaya jalmi jalmi islam, ulah ngecap diri sebagai jalmi mu’min. Ulah waka ngomong ngomong jago iman, anjeun karek oge jago islam. 

Cirina islam osok solat, tah solat urang teh ges dialus alus can? Apa  karek ge gurupak gerepeuk nupenting mah ngalaksanakeun kewajiban? Urang kacida alusna lamun can solat ngarasa boga hutang. “can jongjon tuda ari can solat teh” misal, atawa durr ashar buru buru solat ngarah jongjon lalajo Persib, pan solatna urang mah ngarah jongjon lalajo lain sebab Allah, bener? Pas durr isya "kela ulah waka kaluar ti imah ngarah jongjon ulin", Lain sebab Allah berarti urang kakarek oge islam acan mu’min cenah.

Sasalaman urang ka indung ngarah hening dijalan. Lain sebab Allah deuih. “asa boga hutang ari kaluar teu sasalaman kaindung teh sieun cilaka” berarti can doktrin urang teh sabab lain sebab Allah, tah ieu nu ngabedakeun urang jeng tingkatan para ulama, para mu’minun. “Atuh ari kitu mah ulah weh sasalaman”, nya sasalaman da urang islam. “Atuh ari kitumah ulah solat tapi lalajo persib weh hayoh”, nya solat hela da urang teh islam. “Atuh ari kitu mah keweh isya teh setengah dua peuting”, nya isya hela samemeh kaluar imah da urang teh islam. Adapun mu’min kadituna nya engke inshaAllah aya taufik ka urang sadaya urang menjadi mu’min. Nukumaha? Nu sok ngalus ngalus amalna da Allah ge teu ujug ujug mere.

Misal sholat dhuha, “ah urang mah 2 rakaat we sholat dhuha teh nu penting mah sholat dhuha” acan etateh acan mu’min karek ge islam, karek oge daek can ngalus ngalus. Dina hal taraweh “ah mening nu gancang taraweh mah nu lelet mah urang sok bari ngalamun jeng tunduh atuda padu tos dahar tea, kopi ge euweuh pangaruh, sabot ngopi weh leungit tunduh teh kopi beak nya tunduh tiba deui” tah berarti urang karek islam, can iman.

Maka saur Rasulullah shalallahu ‘alaihi wasallam “tong nyebut doktrin tapi sebutkeun ente islam”.